PERPUSTAKAAN KEL. BESAR H. HANDI JUNAEDI (KBHJ) ONLINE

Bersama Menggapai Cita

Selasa, 25 Mei 2010

DIBANJUR CAI ANGEUN HASEUM


Ku: Pupu Marfuah

Kuring sakola di tsanawiyah, ari adi kelas lima SD. Harita keuheul pisan ka adi, basa dititah meuli bahan kueh ka pasar teu nurut. Dipaksa-paksa oge kalah murengkel meulit kawas oray sanca, teu daek indit. Antukna aya cai sesa angeun haseum sisi meja diguyurkeun kana sirahna. Puass siah..

Kapaksa eleh deet, kuring miang ka pasar, panas ereng-erengan oge. Meuli bahan kueh, lumayan keur nambah-nambah biaya sakola. Kuring anteng nyieun kueh, ti mimiti ngocok endog, nyampurkeun tarigu nepi ka ngopen kueh.

Ari ras inget adi, gebeg..kuring reuwas asa boga dosa. Kuring langsung muka panto kamar, tapi adi teu kasampak. Kuring tatanya ka tatangga susuganan kawenehan jeung adi kuring, tapi weleh teu aya nu nyahoeun. Kuring ngagidig muru sobat dalitna, si Mustopa, tapi cenah geus lila tara ulin ka ditu.

Kamana atuh adi kuring teh? Kuring bingung, hanjakal sagede gunung. Naha ku naon atuh bet ngabanjur sirah adi ku cai angeun? Pasti ngambek, pundung terus kabur…
Deudeuh adi… hampura Eceu! Eta bakating kalangsu ku kesel!” gerentes hate. Teu karasa cai panon merebey maseuhan pipi. Kumaha pijawabeun kuring lamun Bapa jeung Emih seug mulang ti ondangan?

Wanci sareupna, rentang-rentang katingal adi kuring balik mapay galeng sawah bari niir belut opat siki.

“Tuh…si Wahyu, Pu!” ceuk wa Ami bari nunjuk ka adi kuring.

“Wahyuu..”si Endang mang Ucim mah ngagorowok. Barudak nu ngagimbung surak eak-eakan milu bungah pedah si Wahyu geus kapanggih. Gabrug nangkeup adi kuring bari sasadu dumareda.

“Hapunteun Eceu, nya. Eceu jangji moal rek sakali-kali deui deleka ka hidep,” ceuk kuring bari nyusut cimata. Ari si Wahyu ngan hulang huleng wae teu ngarti aya naon mani ibur salembur ear sajagat, manehna jiga pahlawan bae. Malah si Entin, si Nunung, jeung si Ikoh mah teu eureun-eureun nyebutkeun cenah, “Hidup wahyu… hidup wahyu…”

“Abdi mah ti bada sakola ge tos niat bade ngurek belut. Tah ieu belutna kenging opat,” cenah ngomongna polos ngaleos ka jamban tukangeun imah rek ngolahan belut.

Ayeuna si Wahyu geus jadi bos fotokopi. Lamun pareng botram atawa parasmanan dina acara arisan kulawarga sok mindengan sindir-sampir,”Kade ah bahe angeun teh ka mastaka abdi.” Kuring saukur mesem.

Pupu Marfuah
Gg. Campaka- Gerlong Girang
Isola - Bandung

(dimuat di Mangle No. 2213 hal 68).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar